Kasimpulana, urang sadaya kudu sami-sami ngajaga kaberesihan sakola pikeun kanyamanan diajar, balik deui ka kanyamanan diajar, kanyamanan diajar manfaatna nyaeta pikeun ngahadekeun nyerep sagala palajaran, pikeun nu diajar jeung nu ngajar baretah cicing di sakola.
Minimal urang ngajaga kaberesihan sakola nyaeta tong miceun sampah sangeunahna. Sabab mun urang miceun sampah sangeunahna, teu dina tempatna bakal rea pibakaleun panyakit.
Tuluy ngajaga kaberesihan kelas masing-masing. Mun nu hade mah sakola ngadakeun JUMSIH urang sadaya kudu ngiluan tina eta kagiatan.
Sakieu wae biantara nu ku simkuring tiasa haturkeun, mugi-mugi aya mangpaatna kango sadaya, hapunteun bilih aya kalepatan dina ngahaturkeun ieu biantara. Hatur nuhun tina sagala perhatosannana.
Wasalamualikum Wr. Wb.
Demikian contoh teks bahasa Sunda tentang kebersihan untuk kenyamanan belajar, semoga dapat dijadikan referensi untuk Bapak/Ibu yang ingin berpidato dengan tema kebersihan.***