Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan untuk Kenyamanan Belajar

- 14 November 2022, 08:24 WIB
Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan untuk Kenyamanan Belajar
Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan untuk Kenyamanan Belajar /pexels/ICSA

Teu hilap solawat sareng salam hayu urang sadaya haturkeun ka junjugan Nabi Muhammad SAW, kangge rerencanganna, kaluargana sareng ka urang sadayana, amin. Saterasna, simkuring ngahaturkeun hatur nuhun kanggo Ibu Elis kumargi tos masihan waktos kangge abi ngabiantarakeun di payuneun rerencangan sadaya.

Ibu-ibu, bapak-bapak, teteh-teteh, aa-aa sadayana judul ieu biantara teh nyaeta Ngajaga Kaberesihan Sakola Pikeun Kanyamanan Diajar.

Baca Juga: Contoh Teks Eksplanasi Sosial Singkat tentang Bahaya Pergaulan Bebas Remaja, Bahasa Indonesia Kelas 11 SMA

Sapertos nu ku urang sadaya tingal ayeuna, kaberesihan sakola urang sadaya teh kacida kurangna, sok sanajan sakola urang sadaya ieu teh nuju di bangun,  urang sadaya tetep kudu ngajaga kaberesihan, minimal kaberesihan kelas masing-masing.

Sareng aya deui H.R At-Tirmizii nu isina urang teh kudu ngajaga jeung ngaberesihan buruan imah urang, tah ari kitu mah naon hubunganna jeung sakola? Nya aya atuh, urang teh diajar disakola teh geus jiga urang keur calik di bumi urang sorangan, sanajan euwuh Bapa, Indung kan aya Bapa jeung Ibu guru nu geus dianggap ku urang sadaya jiga kolot urang.

Salian ti eta, manfaat urang sadaya ngajaga kaberesihan sakola nyaeta pikeun kanyamanan urang diajar. Sok ayeuna bayangkeun lamun urang sadaya diajar dina tempat nu bararau sampah jeung rea kebul, pasti urang na ge teu betah, guru-guru oge sami siga kitu lamun kelas urang sadaya kelasnya karotor pasti teu betaheun tuluy menta kelasna diberesihan heula lamun rek diajar, kan aya.

Baca Juga: Berikut Ini adalah Kalimat yang Bisa Diucapkan oleh Guru untuk Mengubah Identitas Murid, Ini Jawaban Lengkap

Tuluy manfaatna nu ka dua nyeta urang sadaya moal bakal kakeunaan panyakit, sapertos Malaria, DBD jeung sajabana. Kabeh panyakit teh sarangna tinu sampah jeung sajabana.

Pikeun ngajaga kaberesihan sakola, dina hate urang sadaya kudu di terapkeun sikap atawa inisiatif pikeung ngajaga kaberesihan. Sakola kuduna mah ngayakeun kagiatan beberesih sakola babarengan sapertos JUMSIH (Jumat Bersih).

Dina diri urang tong aya pipikiran kieu ken bae ah da beberesih mah gawe na Mang Mim jeung Mang Kasmo, ulah kitu. Sanajan Mang Mim jeung Mang Kasmo ngaberesihan sakola urang ge kudu ngilu beberesih, karunya Mang Mim jeung Mang Kasmo ari urang sadaya teu ngajaga kaberesihan, hargaan saeutik atuh sagala parjuangan Mang Kasmo jeung Mang Mim, minimal henteu miceun sampah sangeunahna.

Halaman:

Editor: Jati Kuncoro

Sumber: saintif.com


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah