30 Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 SMA-SMK dan Jawabannya, Latihan UAS-UKK 2023

23 Mei 2023, 10:43 WIB
30 Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 SMA-SMK dan Jawabannya, Latihan UAS-UKK 2023 /CT/

INFOTEMANGGUNG.COM – 30 Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 SMA-SMK dan jawabannya ini disusun untuk membantu para siswa dalam berlatih untuk menghadapi ujian akhir. Latihan ini memang diperlukan mengingat tidak semua siswa memahami bahasa Sunda. Walaupun bertempat tinggal di daerah Jawa Barat.

 

Jika bahasa Sunda bukan bahasa yang sehari-hari digunakan di rumah atau di lingkungan sendiri, berarti memang harus memperbanyak latihan agar bisa lebih memahami materi bahasannya.

Dalam 30 soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 SMA-SMK dan jawabannya ini diberikan dalam bentuk pilihan ganda. Sebagian menggunakan soal cerita yang harus dibaca agar bisa menjawab pertanyaan berikutnya.

Baca Juga: Kunci Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 11, Carpon Mangrupa Karya Sastra Atawa Karangan Fiksi Anu Unsur Hayalan

Agar bisa makin mendalami pelajaran ini, usahakanlah agar menjawab sendiri dulu pertanyaan yang diberikan. Baru kemudian mencocokkannya dengan jawaban yang diberikan. Selamat berlatih!

1. Prof. Dr. Mikihiro Moriyama gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16 September 1960. Kang Miki teh sarjana basa jeung sastra Sunda, anu ayeuna nyangking kalungguhan Profesor widang basa Indonesia di universitas Nanzan, Anjeunna nulis rupaning buku jeung esey ngeunaan budaya citak jeung modernitas oge ngeunaan kawijakan basa di Indonesia.

Narjamahkeun sastra kontemporer Indonesia kaasup karya Seno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang. Ngajarkeun basa Indonesia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonesia keur siswa di Jepang.

Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina .....
a. tepang taun
b. milangkala
c. lahir
d. palastra

Jawaban: D

2. Karya rekaan/fiksi dina wangun prosa tur biasana ukuranna panjang, nyaéta ...
a. Biografi
b. Wawacan
c. Novel
d. Pantun

Jawaban : C

 

3. Salasahiji maksud jeung tujuan tina biantara, nya éta ....
a. Nepikeun gagasan atawa eusi pikiran
b. Jadi tongtonan tapi teu kudu jadi tungtunan
c. Ngabingungkeun anu ngabandungan
d. Bisa ngagunakeun kalimah épéktif

Jawaban: A

4. Anu gabédakeun antara karya tulis biografi jeung otobiografi téh nya éta .....
a. Bentuk fisik jeung pasipatan indung bapana.
b. Riwayat pendidikan jeung pagawéanan
c. Béda nu nulisna
d. Tema jeung amanatna

Jawaban: C

5. Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita (palaku utama, palaku kadua, palaku tambahan), disebut ...
a. Palaku
b. Jejer
c. Latar
d. Amanat

Jawaban : A

Baca Juga: Kunci Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 11, Teknik Reviu Hiji Karya Anu Ngadopsi Pola 5W + 1H Pikeun Nganalisis

6. Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balaréa ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nya éta dina ...
a. Bubuka biantara
b. Salam bubuka biantara
c. Panutup biantara
d. Salam panutup biantara

Jawaban: C

7. Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut .....
a. Alur
b. Jejer
c. Latar
d. Tokoh

Jawaban : B

8. Tengetan ungkara ieu di handap!
(1) ngaran, lalandian, atawa jujulukna, (2) riwayat kalahiran jeung asal-usul kulawargana, (3) wangun fisik tokoh jeung pasipatanana, (4) riwayat pendidikan jeung pagaweanana, (5) pikiran atawa gagasanana, (6) karya atawa hasil gawe, (7) prestasi jeung pangajen (penghargaan) nu kungsi katarimana.

Unsur-unsur diluhur kudu aya dina karya tulis nu disebut ...
a. Bewara
b. Biantara
c. Wawacan
d. Biografi

Jawaban: D

 

9. Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna ....
a. Bewara
b. Amanat
c. Iklan
d. Warta

Jawaban : D

10. Ieu dihandap nu teu kaasup kana mangpaat biografi nyaeta ....
a. Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji tokoh
b. Bisa maca gagasan / pikiran hiji tokoh
c. Biografi hiji tokoh bagian tina dokumén sajarah
d. Bahan sumber perdebatan

Jawaban: D

11. Nampung unggal saran, mere kasempetan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina bagean ...
a. Mungkas diskusi
b. Nutup diskusi
c. Nyindekkeun diskusi
d. Ngatur jalanna diskusi

Jawaban: D

12. Dihandap ieu anu heunteu ka asup dina media elektronik anu nyiarkeun acara make basa Sunda, nyaeta ...
a. TVRI
b. RRI Bandung
c. RRI Jakarta
d. STV

Jawaban : C

Baca Juga: Runtuyan Kajadian nu Lumangsung ti Awal Nepi Ahir Dina Hiji Carita Disebut, Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 11

13. Hiji jalma anu jadi panengah atawa pingpinan sidang boh dina rapat atawa diskusi, anu ngajejeran pasualan diskusi jeung ngatur padungdenganana disebut ....
a. Orator
b. Moderator
c. Panata calagara
d. Panata acara

Jawaban: B

14. ..... piraku treuk bisa digusur ku Mang Ableh !
Kecap Panyeluk anu bener pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta .....
a. Aduh
b. Boa-Boa
c. Maenya
d. Lah

Jawaban: C

15. Nu kaasup kana pancén panumbu catur dina muka diskusi diantarana nya eta ...
a. Nepikeun jejer diskusi
b. Nengahan nu padungdeng
c. Nampung unggal saran
d. Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir

Jawaban: A

16. Kecap rundayan dirarangkenan ka-an hartina ‘teu dihaja’, aya dina kalimah ...
a. Mang Juned kacilakaan di jalan cagak
b. Basa balik ti sakola, Dadan kehujanan dijalan
c. Kang Ubun teh kabuktian henteu salah
d. Kuring kabeneran panggih jeung manéhna di péngkolan

Jawaban: D

 

17. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku sarerea minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya eta pamaen musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN), upamana wae kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957).

Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita tea. Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dileler hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.

Unsur biografi nu kapanggih tina téks di luhur nyaéta ...
a. Riwayat atikan jeung pagawean
b. Dedeg jeung pasipatan
c. Karya, prestasi atawa hasil gawe
d. Lalakon hirup nepi ka junun dina widangna

Jawaban: C

18. Dina taun 1927 medal novel Siti Rayati karangan ...
a. Yuhana
b. Usep Romli H.M
c. Muhammad Sanusi
d. R.Memed

Jawaban: C

19. Lamun aya nu keur biantara kudu repeh, ulah recet kitu!
Kecap repeh dina kalimah di luhur ngandung harti ...
a. Cicing bari luak-lieuk
b. Molotot teu ngiceup
c. Teu loba pamolah
d. Cicing teu nyarita

Jawaban: D

Baca Juga: Kunci Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 11, Peuting Isukna Asa Horéam ka Masjid Téh

20. Dihandap ieu anu kaasup kalimah rarangkén ka an anu hartina kakeunaan ...
a. Gaji téh matak ukur kacumponan kebutuhan sapopoé
b. Budak ngora nu garelut téh kalepasan matak jadi getihan gé
c. Ulah sok asal ngomong nu goréng bisa jadi kenyataan
d. Matak bisa mamatahan ogé ka batur sabab bérés ka alaman ku kuring

Jawaban: D

21. Pa Tato biantara di payuneun tamu ti sakola Mitra Jerman. Dina prakna biantara Pa Tato henteu nyandak teks, aya interaksi sareng tamu tur gesturna oge laluasa.
Metode nu dipake Pa Tato dina nepikeun biantara nyaeta .....
a. Métode nyatetkeun bagéan-bagéan nu penting anu rék ditepikeun
b. Métode ngadadak atawa impromtu
c. Métode ngapalkeun atawa ditalar
d. Métode ngarang

Jawaban: C

22. Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaéta .....
a. Bisa maca naskah warta
b. Alus peta jeung dandanan (mun dina TV)
c. Marahmay (mun dina radio)
d. Alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora

Jawaban: C

 

23. Di handap ieu kaasup kana rédaksi nalika panumbu catur ngatur jalanna diskusi, nyaéta..
a. Sakitu anu kapihatur, mugia urang sadaya janten siswa-siswi anu cageur, bageur, pinter, bener, singer, tur parigel.
b. Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
c. Haturan ka pangjejer kahiji, Bapa Ridwan Kamil kanggo ngadugikeun pedaranana.
d. Sampurasun... Hatur nuhun ka sadérék panata acara nu parantos masihan waktosna.

Jawaban: C

24. Dihandap ieu anu henteu kaasup kana waruga warta anu didadarkeun, nyaéta .....
a. Kajadian
b. Karakteristik kajadian
c. Puseur carita warta
d. Waktu jeung tempat kajadian warta

Jawaban: C

25. Ieu mangrupa kamekaran novel Sunda ebreh dina rupa-rupa novel anu kungsi medal. Dihandap ieu anu henteu kaasup kana novel karangan Aam Amalia, nyaéta .....
a. Puputon
b. Buron
c. Samagaha
d. Arca

Jawaban: D

26. Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita (palaku utama, palaku kadua, palaku tambahan), disebut ...
a. Palaku
b. Jejer
c. Latar
d. Amanat

Jawaban: A

Baca Juga: Kunci Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 11, Karangan Fiksi Atawa Rékaan anu Ditulis Dina Wangun Lancaran (Prosa)

27. Karangan rékaan dina wagon lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur galur caritana ngarancabang (kompleks) disebut ...
a. Carpon
b. Hikayat Tryy
c. Dongéng
d. Novél

Jawaban: D

28. Dina taun 1927 medal novel Siti Rayati karangan ...
a. Yuhana
b. Usep Romli H.M
c. Muhammad Sanusi
d. R.Memed

Jawaban: C

29. Nampung unggal saran, mere kesempatan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina bagean...
a. Mungkas diskusi
b. Nutup diskusi
c. Nyindekkeun diskusi
d. Ngatur jalanna diskusi

Jawaban: D

30. Adat kebiasaan atawa tali paranti anu turun-tumurun ti karuhun anu masih dilaksankeun dina pakumbuhan masyarakat disebutna....
a. Folklor
b. Budaya
c. Tradisi
d. Etika

Jawaban: C

Baca Juga: Kunci Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 11, Pamungkas Mugia Diskusi Ieu Janten Salah Sahiji Jalan Supados Pikiran

 

30 soal PAT Bahasa Sunda kelas 11 SMA-SMK dan jawabannya ini disusun berdasarkan materi yang telah dipelajari di sekolah selama ini. Jadi jika membutuhkan informasi, para siswa bisa melihatnya lagi dalam buku panduan yang digunakan.

Bahasa Sunda memang merupakan muatan lokal untuk pelajaran di daerah Jawa Barat. Karena masyarakat umumnya menggunakan bahasa Sunda dalam pergaulan santai sehari-hari. Sehingga memahami bahasa Sunda tentunya tidak ada ruginya.

Harapannya agar 30 soal PAT Bahasa Sunda kelas 11 SMA-SMK dan jawabannya ini bisa membantu pemahaman para siswa. Sehingga bisa lebih siap dalam menghadapi ujian mendatang.***

Disclaimer:
1. INFOTEMANGGUNG.COM tidak mengijinkan artikel dicopy paste atau dilakukan sindikasi dengan alasan apapun.
2. Kunci jawaban ini dimaksudkan untuk dipakai sebagai bantuan belajar, namun bukan jawaban mutlak karena mungkin saja bisa dikembangkan sesuai pemahaman masing-masing.

Editor: Carley Tanya

Sumber: Beragam Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler